TUNGGILIS
4/4 C=la D#=do Tempo=95 cipt.
Heri Rip Kosasih, S.Pd.
# Loba
jajaka gandang, rekngkak polah matandang
resep reujeung tatanenan
Loba wanoja geulis, imut na matak inggis
Ngajaga kapribadian
Ngapak sawah matak waas, daligdig angin ngusapan ati
cai leuwi herang mencrang ngumalir datang na ka sisi
pasir
lamun seug urang pa anggang, didieu nu meungkeut tali duriat
lemah cai lembur urang, Tunggilis lembur endah pamidangan
kiceupna mojang nu lenjang nenggorkeun imut pangirut
jajaka gandang wiguna kapidangdung unggal waktu
rahayat medar lalakon, someah matak baretah
laku lampah dina hade, rancage ngawangun lembur
# Upluk-
aplak sawah na, eplok hejo alam na,
ngiricik caina herang
garupay tatangkalan, sagara kaendahan
di Tunggilis lembur urang
kiceupna mojang nu lenjang nenggorkeun imut pangirut
jajaka gandang wiguna kapidangdung unggal waktu
rahayat medar lalakon, someah matak baretah
laku lampah dina hade, rancage ngawangun lembur
# Hayu
urang ngajaga Tunggilis terus jaya
Desa pinuh pangharepan
geusan saling pasini,
ngariksa jati diri
silihg asih silih asuh …